Kaistimewaan basa sunda teh sok malapah geudang
Memeh kanu pokok pirajeunan ngaler ngidul heula
Mun zaman kiwari mah matak bosen ngadengena
Tapi teu kitu mun make gaya basa anu merenah mah
Malah matak betah jeung ngareunah kana ceulina
Komo nu nyaritana ahli dina widangna eta basa
Sok halimpu kadengena malah bisa seuri sagala
Nu teu ngarti oge teu pupuguh milu seuri sagala
Tah ieu sakadar conto harita kabeneran aya ACARA
Walimatul 'Urusy nu jadi adi beuteung di Tasikmalaya
Kabeneran sim kuring di titah jadi pembawa acarana
Lantaran mitoha mercayakeun pisan najan teu bisa
Nya satekah polah ngolah kumaha pibasaeunana
Ngarah ngeunah keur sararea najan loba salahna
Lantaran kurang bisa sim kuring mah acak-acakan
Nu peunting acara bisa lancar sakumaha mestina
Singkat carita acara di mulai ku pembacaan al-qur'an
Dilajeungkeun ku sambutan-sambutan ti kedua pihak
Nya nu salajeungna di serahkeun kana acara puncak
Ku kersana bapak penghulu sareng lebe pikeun akad
Di antawisna sakumaha biasa bapak penghulu mariksa
Seseratan anu diperyogikeun ku calon mempelai tea
Sateu acan akad di kawitan nya aya acara khutbah
Khutbah Nikah namina sakumaha contoh Rasul saw.
Singkat carita der weeh ustadz teh CERAMAH saurna
Palawargi tukang ragi Sadayana,,,,,,
Miwah ka tukang buah Dimana-mana......
Rumaos ka tukang bandros anu Raos kana waos......
Atuh teu hilap ka tukang Sulap.......oge ka tukang Toge
Sinareng ka tukang Areng...teu ka kantun tukang pantun
Bapak-bapak tukang Kalapa Ibu-ibu tukang bumbu...,,,
Sateu acan urang kana maksad anu di seja ulah hilap
Da pangna sadaya ayeuna karempel teh aya maksad
Nyaeta ngadahupkeun dua mahluq Allah anu berbeda
Beda dina sagala rupana,beda budaya beda kahayang \\
Beda adab beda tatakrama beda jenisna nu kangaranan
Awewe jeung lalaki tah eta teh iwal ti kaAdilan Allah swt
Sangkan adem ayem betah dina sagara rumah tanggana
Lalaki teh jadi cukang lantaran keur nu jadi pamajikan
Matak kudu nganteur kana kahayangna sangkan sugema
Nu jadi awewe atuh kudu gede rumasa lantaran kasorang
Dina aya kahayang,wayahna mun pamenta salaki tedunan
Ceuk paribasana mun kadarat sing salogak ulah ngoceak
Mun rek ka leuwi sing manjing bari ngajingjing seuseuhan
Nya ulah poho mun sosonoan da puguh bogoh,sanajan
Lalaki jangkung bobogaanana mah tara bengkung mun tea
Mah di takdirkeun pondok nyogok jadi orok bonganna
Nonggongan dina panjangna nyugak bakal jadi budak,
Bongan nangkarak bengkang tambah loba kahayangna
Mun surti ku pangarti sajalan jeung parentah agama
Dasarna sunnah anu di atur ku rasul eta sakabehna
Jadi ibadah mawa kana lahir batin bahagia sejahtera
Insya Allah moal malarat salamet dunia jeung ahirat
Cag tah sakitu anu tiasa kapihatur mugia sadayana
tiasa nampi kana sagala rupi kirangna ditutup ku du'a
======== baaarokallohu lii walakum =========.
[Ki Sunan Call]
Tidak ada komentar:
Posting Komentar